Salah Ngajalankeun Tugas

Posted by Unknown


Juragan Oded direktur PT. CEULEUPEUNG balik tikantor ngajenghok lantaran ningali juragan istri nu katelah gan Onah keur ceurik ngabangingik bari terus ngadu ka salakina.

Juragan Istri :"Pih.. tadi si emang tukang kebon cunihin ka abdi, tapi saurna dipiwarang ku papih !".

Juragan Oded : "Naha kunaon kitu?" ( ngajawab nyalse terus muka dasi lorengna nu gagebay)

Juragan istri : "Ah pokona cunihin tur campelak ka dunungan, naha leres eta teh dipiwarang ku papih ?"

Juragan Oded : "Naha da papih mah teu rumasa tutah titah nanaon ka simamang teh, ngan tadi rumasa ngomong kieu dina telepon teh : 'Mang lamun hujan, omat pangangkatkeun erok juragan istri, jeung asupkeun manukna... sakitu !'"

0 komentar:

Posting Komentar