RSS Feed

Hape di Kelas

Posted by sutriana aminudin



Pa, Wahyu ngaguruan di salahsahiji sakola anu kawilang elite, murid muridna ampir kabeh ka sakolana marawa hp, atuh puguh we samemeh diajar sora hape meni recet disarada. Jam pelajaran kahiji, pa' Wahyu kabagean ngajar dikelas anu murid muridna rada barengal, ti rohangan guru gandeang pa' Wahyu nuju karohangan kelas,ningali ringkang ringkang guru datang, murid murid dijero kelas ngadadak jempe kawas gaang katincak.

" Selamat pagi anak anak !" ceuk pa' Wahyu basa lol ti lawang panto.
" Pagiiiiii....paaaaaak !" jawab murid meni reang.
" Samemeh neruskeun palajaran bapa nek mere wejangan heula ka haridep, sakumaha anu geus kauninga sakumna umat Islam ayeuna keur ngajalankeun ibadah puasa, puasa teh salahsahijina ngalatih kadisiplinan, jadi timimiti poe ieu masalah kadisiplinan kudu ditingkatkeun, utamana lamun keur dijero kelas,ulah ngobrol lamun bapa keur nerangkeun kitu deui anu marawa hape kudu di-off-keun heula, sabab bisa ngaganggu katenangan diajar, saha wae anu ngalanggar paraturan ieu bakal dibere sangsi, ngartoooss ?!" ceuk pa' Wahyu bari nyiapkeun bahan palajaran

"Sangsina naon pa ?" tanya Oneng sorana halimpu, ma'lum bentangna kelas eta.

"Lamun kanyahoan ngobrol waktuna diajar atawa kadenge aya sora hape, wayahna kudu kaluar tikelas, tah paraturan ieu berlaku jang saha wae, teu pilih kasih !" tembal pa' Wahyu Can acan garing biwir pa' Wahyu ngomong kitu, di bangku tukang aya hape ngirining, kabeh marelong ka Usep, sabab sidik pisan sora teh datangna timanehna.

"Punten pa....ieu aya sms ti pun biang, naroskeun, saurna kanggo buka engke hoyong sareng kolek naon !" Usep sasadu.

"Alesan wae...kaluar maneh Usep !" ceuk pa' Wahyu curukna bentik nunjuk kaluar.

"Tah...tah...hape saha deui nu disada ?" pa' Wahyu curinghak
"Nu abdi pa...ieu rerencangan ngajak buka bersama !" Oded buru buru ngaku
"Oded...tuturkeun tuh si Usep !" kiyingking si Oded kaluar Ningali geus dua urang nu keuna sangsi,murid sejenna anu bogaeun hape buru buru nga-off-keun hapena, tapi teu kungsi lila pa' Wahyu curinghak deui lantaran kadenge deui aya nu disada.

"Aduuunnnn....kaluar !" ceuk pa' Wahyu bari nunjuk ka si Adun

"Punten pa...abdi mah teu gaduh hape...upami teu percanten mangga we parios !" beungeut si Adun ngadadak beureum.

"Nya naon atuh anu tadi disada ?" tanya pa' Wahyu semu heran

"Eu..anu pa..kamari teh waktos buka puasa nuang kolek hui cilembu seueur teuing,janten dugi kaayeuna ngulibek wae !" tembal si Adun bari nepakan beuteungna.

"Aneh...maenya sora hitut kawas ringtone lagu "asereje" aneh !" pa' Wahyu ngan ukur bisa gogodeg.

"Huuuuuuhhhhh!" kaayaan kelas ribut deui
"Geus..geus...jempeeee !" ceuk pa' Wahyu bari ngagedor meja, jep kaayaan dikelas simpe, tapi teu kungsi lila geus der deui kadenge aya hape nu disada.

Kabeh murid culang cileung, terus silih pelong jeung pada baturna,panon pa' Wahyu mureleng,sirahna dengdek ngadedengekeun sora hape timana jebulna, tapi lila lila paroman pa' Wahyu robah bari pok ngomong ka murid muridna kawas nu era.

"Hehehe...geuning nu disada teh hape bapa, mun kitu mah...anak anak belajar sendiri yah !" bari kulumas kelemes, leos kaluar.
"Horrrseeeeehhh!....asik euy !" kelas ricuh, sora hape patembalan deui.


Ngagere ceuli

Posted by sutriana aminudin



Yoyo, Kurdi jeung Adun keur uplek ngobrol, nyaritakeun pelemna lamun ngagere ceuli ku bulu hayam.

Yoyo : "Kupelem pelemna ngagere ceuli aya Dian Sastro ngaliwat ge dewek mah cuek we euy !"
Kurdi : "Sarua dewek ge, padahal malem kemis peuting kamari dewek keur sosonoan jeung jikun dewek, keur hot hotna karampa aya bulu hayam terus dirorekeun kana ceuli dewek, bakating ku pelem teu karasa ngagere ceuli nepi kasubuh."
Yoyo : "Teu uyahan, ari pamajikan maneh diantep nya?"
Kurdi : "Puguh lantaran eta, malem jumaah kamari sarena teh nonggongan dewek, ari ret disabeulaheunana aya bulu hayam sabebed."
Yoyo : "Ari maneh kumaha pangalaman teh Dun?"
Adun : "Komo dewek mah ku pelem pelemna ngagere ceuli, dua poe dua peuting anteng we ngagere ceuli, teu karasa bulu hayam asup tina ceuli kenca parat ka ceuli katuhu."


Disangka Bom

Posted by sutriana aminudin


Ai tomboy, kitu katelahna, hiji wanoja anu sapopoena sok make pakean lalaki sarta mun incah incahan sok naek motor. Hiji mangsa si Ai geus saged dina motorna, make jaket kulit tur make helem anu biasa dipake ku lalaki, saliwatan mah bleg we lalaki. Biur incah teuing kamana.

Teu kungsi lila sulusup ka hiji gedong anu dihareupna dijagaan ku saurang panjaga anu dilengkepan ku pentungan jeung metal detektor. Geus umum, saprak loba bom anu ngabeledug ditempat umum, tiap tiap gedong jeung perkantoran sok dijaga super ketat tur dipariksa taliti pisan. Kitu deui si Ai, harita keur dipariksa ku patugas make metal detektor, imet tiluhur nepi kahandap persis kawas dokter keur mariksa pasena. Waktu metal detektorna nempel dina harigu si Ai, pok si patugas teh ngomong.

"Ieu mawa naon genyal dua siki, boa boa bahan bom ?" ceuk patugas teugeug, panyanana nu keur dipariksa teh lalaki. Dikitukeun ku patugas, nyel si Ai ambek, terus mukakeun kaca helem pok ngomong semu nyentak.

"Bahan bom tai pedut, yeuh teu percaya mah !"

"Tos..tos cekap..cekap, teu kedah dikaluarkeun tos terang..tos terang!"

Patugas reuwas,karek sidik sihoreng nu keur disanghareupanana teh awewe.


Kerak Telor

Posted by sutriana aminudin


Poe Salasa wanci jam dalapan peuting di jalan Benjamin Sueb, loba jalma ngagimbung ditrotoar jalan, sugan teh para slankers aya nu ribut, da dijero pameran harita teh keur manggung grup musik slengehan nyaeta Slank. Ari barang breh sihoreng anu keur diriung teh hiji tanggungan kerak telor ringsek lantaran digadil ku taksi langsung kabur, padahal jalan teh sakitu upluk aplakna naha bet surudak suruduk kagigir, slebor !

Digigireun tanggungan anu ringsek katingali keler wadah goreng bawang jeung surundeng ngajongkeng bari jeung kaayaanana peupeus, lampu tempel paragi nyaangan dagangan ngajengjehe,hawuna anu pinuh ku areng panas oge paburantak, sumawona ari endog mah tong boro digadil ku barang teuas dalah katoel ge kadang sok pre weh peupeus, cangkang jeung eusina ngampar kana jalan aspal. Alhamdulillah ari nu jualana mah teu bocel bocel acan sarua jeung nasib jojodogna anu salamet teu ngilu kagadil.

Mangkukna diwewengkon eta keneh, basa kuring keur nungguan kerak telor asak, bari ngageber parukuyan gede minangka hawuna, siamang ngomong yen manehna cenah asalna ti Bayongbong Garut, malah nu ngaderet gigireunana ge cenah masih keneh baturna tambahna deui bari terus nyamaraan kerak telor anu sakeudeung deui asak. Salian ti urang Batawi geuning aya baraya urang nu jualan kerak telor teh, padahal kadaharan eta ciri hasna betawi punya.

Sajeroning mencrong tanggungan anu ringsek hate mah ngagerentes boa boa baraya urang anu meunang musibah teh,dina hate mah kumejot hayang nanya, mun enya teh deudeuh teuing baraya urang jauh jauh nyaba ka Jakarta bet meunang musibah, dilemburna mah meureun geus diwawaas wae ku kulawargana, bapa sakeudeung deui bakal datang bari rebo kukasono riba ku babawaan, mawa buku anyar jeung sicikal hadiah naek kelas, mawa boneka jeung sibungsu anu karek alewoh bisa ngomong. Tapi nyatana geuning boro boro mawa nukitu ngubaran kareuwas ge sigana masih keneh can parat.

Bener ceuk batur ibukota teh leuwih kejem alahbatan ibutiri, buktina loba kasus nu kawas diluhur, lamun nabrak leuwih hade kabur daripada malire, da pamikirna lamun malire tarohanana nyawa, awak digebugan kandaraan dibeuleum, kadang sok dibeuleum jeung jalma jalmana. Duh nya hukum teh aya dimana atuh ? maenya hukum jalanan anu berlaku.


Ratu Gosip

Posted by sutriana aminudin



Tante Genjréng dikomplekna katelah ratu gosip, unggal poe teu eureun ngomongkeun batur, tapi saprak bulan puasa kabiasaan eta mimiti ngurangan, lantaran lamun nek ngagosip cenah sok inget kapiwurukna ustad Jali, ulah sok ngomongkeun batur, pamali cenah jeung deui bakal ruksak pahala puasana.

Enya we, basa aya acara arisan diimahna ibu Edoh, manehna teu ngomongkeun batur, tapi kalahka ngomong kieu.

"Eh... ibu ibu... tos tarerang teu... bejana genderewo kaperegok bobogohan jeung kuntilanak nepi kasubuh, malahan cenah ayeuna kuntilanak teh geus ngandeg tilu bulan, padahal genderewo teh kanyahoan geus buntutan, karunya nya kuntilanak diculeoskeun!"


Hape di Kelas

Posted by sutriana aminudin



Pa, Wahyu ngaguruan di salahsahiji sakola anu kawilang elite, murid muridna ampir kabeh ka sakolana marawa hp, atuh puguh we samemeh diajar sora hape meni recet disarada. Jam pelajaran kahiji, pa' Wahyu kabagean ngajar dikelas anu murid muridna rada barengal, ti rohangan guru gandeang pa' Wahyu nuju karohangan kelas,ningali ringkang ringkang guru datang, murid murid dijero kelas ngadadak jempe kawas gaang katincak.

" Selamat pagi anak anak !" ceuk pa' Wahyu basa lol ti lawang panto.
" Pagiiiiii....paaaaaak !" jawab murid meni reang.
" Samemeh neruskeun palajaran bapa nek mere wejangan heula ka haridep, sakumaha anu geus kauninga sakumna umat Islam ayeuna keur ngajalankeun ibadah puasa, puasa teh salahsahijina ngalatih kadisiplinan, jadi timimiti poe ieu masalah kadisiplinan kudu ditingkatkeun, utamana lamun keur dijero kelas,ulah ngobrol lamun bapa keur nerangkeun kitu deui anu marawa hape kudu di-off-keun heula, sabab bisa ngaganggu katenangan diajar, saha wae anu ngalanggar paraturan ieu bakal dibere sangsi, ngartoooss ?!" ceuk pa' Wahyu bari nyiapkeun bahan palajaran

"Sangsina naon pa ?" tanya Oneng sorana halimpu, ma'lum bentangna kelas eta.

"Lamun kanyahoan ngobrol waktuna diajar atawa kadenge aya sora hape, wayahna kudu kaluar tikelas, tah paraturan ieu berlaku jang saha wae, teu pilih kasih !" tembal pa' Wahyu Can acan garing biwir pa' Wahyu ngomong kitu, di bangku tukang aya hape ngirining, kabeh marelong ka Usep, sabab sidik pisan sora teh datangna timanehna.

"Punten pa....ieu aya sms ti pun biang, naroskeun, saurna kanggo buka engke hoyong sareng kolek naon !" Usep sasadu.

"Alesan wae...kaluar maneh Usep !" ceuk pa' Wahyu curukna bentik nunjuk kaluar.

"Tah...tah...hape saha deui nu disada ?" pa' Wahyu curinghak
"Nu abdi pa...ieu rerencangan ngajak buka bersama !" Oded buru buru ngaku
"Oded...tuturkeun tuh si Usep !" kiyingking si Oded kaluar Ningali geus dua urang nu keuna sangsi,murid sejenna anu bogaeun hape buru buru nga-off-keun hapena, tapi teu kungsi lila pa' Wahyu curinghak deui lantaran kadenge deui aya nu disada.

"Aduuunnnn....kaluar !" ceuk pa' Wahyu bari nunjuk ka si Adun

"Punten pa...abdi mah teu gaduh hape...upami teu percanten mangga we parios !" beungeut si Adun ngadadak beureum.

"Nya naon atuh anu tadi disada ?" tanya pa' Wahyu semu heran

"Eu..anu pa..kamari teh waktos buka puasa nuang kolek hui cilembu seueur teuing,janten dugi kaayeuna ngulibek wae !" tembal si Adun bari nepakan beuteungna.

"Aneh...maenya sora hitut kawas ringtone lagu "asereje" aneh !" pa' Wahyu ngan ukur bisa gogodeg.

"Huuuuuuhhhhh!" kaayaan kelas ribut deui
"Geus..geus...jempeeee !" ceuk pa' Wahyu bari ngagedor meja, jep kaayaan dikelas simpe, tapi teu kungsi lila geus der deui kadenge aya hape nu disada.

Kabeh murid culang cileung, terus silih pelong jeung pada baturna,panon pa' Wahyu mureleng,sirahna dengdek ngadedengekeun sora hape timana jebulna, tapi lila lila paroman pa' Wahyu robah bari pok ngomong ka murid muridna kawas nu era.

"Hehehe...geuning nu disada teh hape bapa, mun kitu mah...anak anak belajar sendiri yah !" bari kulumas kelemes, leos kaluar.
"Horrrseeeeehhh!....asik euy !" kelas ricuh, sora hape patembalan deui.


Read more: http://ketawa.com/2005/07/04/3509-hape-di-kelas.html#ixzz2MCBizC00

Salah Dokter

Posted by sutriana aminudin


Hiji pameget sumping ka rumah sakit, hoyong ngalandongan soanten garwana nu peura malah dugi ka teu aya pisan. tapi salah lebet, kedahna ka dokter THT ieu kalah ka psikiater.

"Kumaha dok? si eneng teh, peura, dugi ka teu aya pisan sorana. sadaya obat tos diangge..."

"Kieu ieu teh, den. saleresna mah sumpingna teh kedah ka dokter THT, ari ieu ka sim kuring, psikiater. tah, urang landongan ku resep psikiater atuh..."

"Mangga, dok. kumaha carana?"

"Urang terapi we nya, garwa teh. engke wengi, uih ka bumi jam tilu, bari nyandak hiji istri nu herang mencrang...geura garwa teh tiasa deui aya soraan...."